"sok caritakeun pangalaman anjeun gawe di arab teh?" Ceuk Ohim ka Adun nu karek balik ti saudi. "biasa wae euy, ngan pedah hawana panas pisan diditu mah,,".. "panas kumaha?" Ohim panasaran. "panas we pokonamah, yeuh saking ku panas2na eta hawa, meuleum lauk ge teu kudu dina areng, golerkeun we dina batu!".. "baruk? asak etateh Dun?" Ohim olohok. "boro2, kalahkah di giwing Ucing!" Ceuk adun bari ngaleos.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar