Sabtu, 23 November 2013

Si Adun boga kabogoh. teu salah boga kabogohna mah, ngan salahna téh éta awéwéna pamajikan batur, Alias nu geus boga salaki. Mun rék apél, Si Adun sok ngajak si saduy keur nalingakeun bisi salakina datang. Hiji peuting, Si Adun apél ka éta imah awéwé bari angger ngajak si saduy. "duy, emang arék asup ka kamarna nu aya di loténg" Ceuk si Adun. "enya mang, tuluy tugas uing naon?" Tanya si saduy. "kieu, tuh tempo di sisi jalan loba kardus numpuk lin?" Pokna bari nunjuk ka sisi jalan. "enya mang aya, rék di kumahakeun?" Si saduy can ngarti. "sabot emang di luhur, éta kardus cokotan ku manéh, tuluy tumpukeun pas dina handapeun jandela kamarna, jadi mun salakina datang, emang langsung luncan tina jandela kana kardus, ngarti??" Pokna teges naker. "oh kitu, siap lah!" Si saduy unggeuk. "tah ieu keur manéh" Bari mikeun duit 50 rébu ka si saduy. léos asup ka imah éta awéwé tuluy naék ka kamarna nu aya di loténg. Pas di jero kamar. "nêng, jandelana ulah di konci nya, bilih carogé néng mulih, aa badé langsung luncat" Ceuk Adun ka awéwéna. "muhun a" Témbalna ngarti. Heuleut sapuluh menit, karék ogé rék soson-soson, kadéngé panto kamar aya nu ngetrok. Gebeg si Adun ngarénjag, teu nolih naon-naon deui, ganjleng wé si Adun luncat tina jandela kamar nu aya di loténg téa. Si Awéwé ogé rikat mérénan kasur, nyisiran buuk tuluy nyampeurkeun rék muka panto. Barang bray di buka, katempo aya budak leutik. "bi, pang wartoskeun ka mang adun, kardus téh tos teu aya, di candak ku tukang rongsokan" Ceuk Si saduy bari ulak-ilik ka jero kamar.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar