Jumat, 22 November 2013
# KABUR Niat rek kabur teh geus dirarancang saminggu ka tukang jeung batur sakamarna. Waktuna kabur, tengah peuting dina kaayaan rumah sakit geus simpe. Strategina, lengkah kahiji ninggalkeun kamar. Lengkah kadua muru pos nu jaga gerbang. Sabisa-bisa nu jaga gerbang cukup dilumpuhkeun, tapi mun perlu nepi ka dipateni oge teu nanaon. Lengkah katilu nyokot konci gerbang. Lengkah kaopat muka gerbang. Lengkah kalima, merdekaaaaa ! Dina waktu nu dianggap mustari, kadua baturna manehna rerencepan ninggalkeun kamarna. Kaayaan rumah sakit pohara simpena, ukur kadenge sora jangkrik patembalan jeung caricangkas. Anjog ka gerbang, katembong muka. Rarat reret neangan nu jagana, weleh teu kapanggih. Tayohna mah keur ka luar neangan ganjel lapar. "Dumasar kana strategi, sabada ninggalkeun kamar teh urang kudu ngalumpuhkeun nu jaga gerbang. Ari pek nu jagana euweuh. Gelo, alamat gagal rek kabur teh. Hayu ah urang ka kamar deui, sugan peuting isuk mah nu jagana aya," ceuk manehna bari nutupkeun panto gerbang. Ari baturna anu ti tatadi geus mantengkeun tali rek ngaborogod nu jaga gerbang, katempo siga nu hanjelu pisan
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar