Sabtu, 23 November 2013
#SI_SADUY_vs_KEU YEUPHiji Poe si saduy niat nguseup diwalungan bari disarung hungkul, manehnageus siap mawa eupanjeung jeujeur. nepi di sisi leuwi si saduytrus siap².belewer... Si saduy ngalungkeun useupnabari nyanyi "Eupan useup cacing kalungdisantok ku lele buntung...", teu pati lilapancing na nyanggut "Nud!...Nud!" tarikpisan. Si saduy pohara atoh pancingnanyanggutpas di angkat singhoreng nu ngahakaneupan nateh keuyeup, nya pasti si saduytéhkeseleun bari ek muka useupna nudicapit keuyeup."Wadaooo...!!!" si saduy ngajerit, curukkatuhuna di capit. ek di buka ku leunegunkenca "Wadaooo...!!!" si saduy ngajeritdeui, ayeuna curuk kenca na ngilu di capit.curuk kenca-katuhuna di capit si saduymikir"kumaha ieu carana curuk uing bisaleupas", "ah bener kudu ku ieungaleupaskeun nana""Hoeeekkksss cuih...!!!" si saduy nyiduhkana panon keuyeup, eta keuyeupkapeureum peunan tuluy gigisik. "plung..."capitan keuyeup leupas trus murag deui kawalungan. "Alhamdulillah. .." ceuk si saduy.eupan kadua di alungkeun, teu lilanyanggutdeui nu langsung ditarik ku si saduy. "Jadol téh si keuyeup deui wae."Wadaooo....!!! " dua curuk si saduy dicapi deui.pas ek di ciduhan eta keuyeup katingalimakekacamata beko, "gehel téh make kacamata"tuluy si saduy mikir cara ngaleupaskeunnana..."ah bener, urang ngagorowok" sisaduy neang ceuli keuyeup tuluyngagorowoksakuatna " WAAAAAAAAAAAAAAAAAAAA....!!!""plung" keuyeupna murag da nutupanceulinadakatorekan. "Alhamdulillah. ..""awas siah mun meunang keuyeup deui"gerentes hatena bari ngalungkeun deuieupanNud!! teu lila eupana nyanggut deui"goblooogggg... . sia deui sia deuikehed...!!!"si saduy ambek ningali eupan na disanggut ku keuyeup deui."Wadaoooo. ..!!!"dua curukna di capit deui. "WAAAAAAAA....!!!", "WAAAAAAAA....! !!", "WAAAAAAAA....! !!"si saduy ngagorowok sababaraha kalitapi tetep capit eta keuyeup teu leupas².Ditilik² singhoreng si keuyeup téh makeearophone, bari ngadengekeun lagunatalaktilu,si saduy mikir deui cara lain jangngaleupaskeun curukna. di ilik² di bulakbaliketa keuyeup make kacamata jeungearphone,di ilik handapna sing horeng keuyeup téhkeur endogan, berarti eta keuyeup téhBIKANG. Si saduy nyerengeh seuri tuluymanehna nangtung.set manehna ngempeskeun beuteungnanubucitreuk, porosot sarungna ragrah pedahbeuteungna ngempesan. "Plung..." sikeuyeuptéh murag, sualna isineun nutupan panonningali nu monoyod monyong handapeunbujalnasi saduy...Si saduy ukur nyerengeh,,
Kacaritakeun sakola'an si saduy nu 10 tingkatkahuruan,atuh guru-guru jg masarakat nuaya didinya saribuk nyalametkeun murid2 nukajebak seuneu, auntungna sakabeh muridges bisa dievakuasi,ngan kari si saduy numasih aya diluhur teh,manehna kajebakdilantai pangluhurna,,,harita seneu beukigede wae,,,si saduy luwa lewe dina jandelabari menta tulung,,,,da kaprengan mobildamkar acan datang kalokasi,,nempokajadian guru2 nyieun inisiataif mawa sepremaksudna si saduy titah luncat ke disanggapmake sepre,guru :"duy,,gewat luncat,,ke ku bapadisanggap make sepre dihandap!!Saduy :"alim,,pa ah,,!Guru :"na sateh bet embung!,,,gewat ituseneu beuki gede wae!,,gewat luncat keurang sanggap ku bapa make sepre!Saduy :"alim,. Ah,,sieun di ecodkeunseprena,,,ke aduy ragrag ,,parararotong nuaya suku aduy!guru :"asa piraku di ecodkeun kubapa,,,sokaya2 wae maneh mah!,,gewat luncat,,hayangkabeuleum maneh!!Saduy :"alim pa ah,,,sieun diecodkeunseprena,,,,mun edek oge seprena amprkeunweh dihandap karek aduy daek luncat,,,guru :"har??????
.Kacaritakeun Aya aki-aki jeung nini-nini kakara naek kapal udara rek ka surabaya,naekna di bandara sukarno hatta, sangeus beres sagala rupana gek weh si aki jg si nini teh diuk di bangku panghareupna ( kelas eksekutif ),Tuluy aya pramugari rek mariksa tiketna ceuk eta pramugari teh" Pa.....bapa teu kenging calik didieu...ieu mah kanggo kelas eksekutif......tiket bapa mah ekonomi, janten kedah ngalih calikna ka pengker.!" Tibatan nurut....eta si aki jeung nini teh keukeuh embung pindah....pikir na da sarua wae siga tumpak beus......diuk bisa dimana wae........ Geus sagala rupa cara coba'an.....nepi ka eta pramugari teh rada ambek...tetep we teu mempan......ges beakeun carita si pramugari ngomongan si aki jg si nini teh,,tapi tetep si aki jg sini teh embung pindah diukna,,malahan si pramugari nu dicarekan ku si aki jg si nini, Ahirna aya hiji panumpang budak leutik kulitna lestreng ngarana si saduy nu titatadi ngabandungan, tuluy we nyampeurkeun ka si aki...trus ngaharewos kana ceulina si aki....eh eta si aki jeung nini teh harita keneh tuluy we nangtung bari mawa babawaanana pindah diukna ka tukang.,Si pramugari heran....tuluy nanya ka si saduy , pramugari :" jang.....naha ari ku ujang mah bisa nurut si aki jg si nini teh,,dikuamahakeun eta teh? saduy :"Ah gampang......ta di ku abi diharewosan kieu...."yeuh ki anu dariuk di hareup ieu mah jurusan ka Padang.......tah lamun anu ka Surabaya mah ditukang,,!" pramugari ukur olohok,,bari imut,
Si Adun boga kabogoh. teu salah boga kabogohna mah, ngan salahna téh éta awéwéna pamajikan batur, Alias nu geus boga salaki. Mun rék apél, Si Adun sok ngajak si saduy keur nalingakeun bisi salakina datang. Hiji peuting, Si Adun apél ka éta imah awéwé bari angger ngajak si saduy. "duy, emang arék asup ka kamarna nu aya di loténg" Ceuk si Adun. "enya mang, tuluy tugas uing naon?" Tanya si saduy. "kieu, tuh tempo di sisi jalan loba kardus numpuk lin?" Pokna bari nunjuk ka sisi jalan. "enya mang aya, rék di kumahakeun?" Si saduy can ngarti. "sabot emang di luhur, éta kardus cokotan ku manéh, tuluy tumpukeun pas dina handapeun jandela kamarna, jadi mun salakina datang, emang langsung luncan tina jandela kana kardus, ngarti??" Pokna teges naker. "oh kitu, siap lah!" Si saduy unggeuk. "tah ieu keur manéh" Bari mikeun duit 50 rébu ka si saduy. léos asup ka imah éta awéwé tuluy naék ka kamarna nu aya di loténg. Pas di jero kamar. "nêng, jandelana ulah di konci nya, bilih carogé néng mulih, aa badé langsung luncat" Ceuk Adun ka awéwéna. "muhun a" Témbalna ngarti. Heuleut sapuluh menit, karék ogé rék soson-soson, kadéngé panto kamar aya nu ngetrok. Gebeg si Adun ngarénjag, teu nolih naon-naon deui, ganjleng wé si Adun luncat tina jandela kamar nu aya di loténg téa. Si Awéwé ogé rikat mérénan kasur, nyisiran buuk tuluy nyampeurkeun rék muka panto. Barang bray di buka, katempo aya budak leutik. "bi, pang wartoskeun ka mang adun, kardus téh tos teu aya, di candak ku tukang rongsokan" Ceuk Si saduy bari ulak-ilik ka jero kamar.
Jumat, 22 November 2013
jam 8 si saduy ges balik ti sakola,mang odang :"naha tereh sakola tehjang,,wayah kieu ges balik?Saduy :"di usir ku bu guru pa,,mang odang:"nya pedah naon kitu jang?"*kerung*..Saduy:"pedah uing ngabejaanbu guru ti kolong meja basa uing keur nyokotpatlot nu murag pa!"..Mang odang :"ngabejaan kumaha kitu?"saduy:"enya ceuk uing teh,,,"bu,,,bu, , etacangcut ibu soeh!!",,eh si ibu guruna ambektuluy ngusir uing pa,,! Padahal uing mah teusalah nya pa,,,ukur ngabeja'an,,!"* baringorong*mang odang :"?????
"sok caritakeun pangalaman anjeun gawe di arab teh?" Ceuk Ohim ka Adun nu karek balik ti saudi. "biasa wae euy, ngan pedah hawana panas pisan diditu mah,,".. "panas kumaha?" Ohim panasaran. "panas we pokonamah, yeuh saking ku panas2na eta hawa, meuleum lauk ge teu kudu dina areng, golerkeun we dina batu!".. "baruk? asak etateh Dun?" Ohim olohok. "boro2, kalahkah di giwing Ucing!" Ceuk adun bari ngaleos.
# KABUR Niat rek kabur teh geus dirarancang saminggu ka tukang jeung batur sakamarna. Waktuna kabur, tengah peuting dina kaayaan rumah sakit geus simpe. Strategina, lengkah kahiji ninggalkeun kamar. Lengkah kadua muru pos nu jaga gerbang. Sabisa-bisa nu jaga gerbang cukup dilumpuhkeun, tapi mun perlu nepi ka dipateni oge teu nanaon. Lengkah katilu nyokot konci gerbang. Lengkah kaopat muka gerbang. Lengkah kalima, merdekaaaaa ! Dina waktu nu dianggap mustari, kadua baturna manehna rerencepan ninggalkeun kamarna. Kaayaan rumah sakit pohara simpena, ukur kadenge sora jangkrik patembalan jeung caricangkas. Anjog ka gerbang, katembong muka. Rarat reret neangan nu jagana, weleh teu kapanggih. Tayohna mah keur ka luar neangan ganjel lapar. "Dumasar kana strategi, sabada ninggalkeun kamar teh urang kudu ngalumpuhkeun nu jaga gerbang. Ari pek nu jagana euweuh. Gelo, alamat gagal rek kabur teh. Hayu ah urang ka kamar deui, sugan peuting isuk mah nu jagana aya," ceuk manehna bari nutupkeun panto gerbang. Ari baturna anu ti tatadi geus mantengkeun tali rek ngaborogod nu jaga gerbang, katempo siga nu hanjelu pisan
Langganan:
Postingan (Atom)